TS
salsaazahra4809
PEDARAN BUDAYA SUNDA
PEDARAN BUDAYA
SUNDA: KADAHARANA
KHAS SUNDA
A. Pedaran Budaya Sunda
Pedaran nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana.
Budaya sunda nyaéta hasil tina pola kagiatan urang sunda anu geus mangtaun-taun sarta geus jadi hiji kabiasaan dina diri urang sunda contona upacara adat meuleum harupat, ngenyang bakakak, jsb.
Jadi bisa disimpulkeun pedaran budaya sunda nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medarkeun pola kagiatan anu geus mangtaun taun sarta jadi hiji kabiasaan dina diri urang sunda boh dina segi proses na jeung tujuanna. Salah sahiji conto pedaran budaya sunda nyaéta kadaharan khas sunda.
B. Kadaharan Khas Sunda
1.Apeum

Apeum nyaéta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. Cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana loyang.
2. Awug

Awug nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu ku sabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung. Awug ogé bisa disebut tipung beas anu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud, adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.
3.Papais

Papais nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.
Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, nyunatan, tahlilan, muludan, rajaban, jsb. Tapi sok aya ogè anu jualan èta katuangan, umumna mah nu sok masih kènèh ngadamelan èta papais tèh ayana di pilemburan.
4.Karedok

Karedok nyaéta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan-bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.
5.Peyeum

Peuyeum nyaéta kadaharan anu dijieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna di sepan (kukus) terus di ragian sangges di ragian tuluy di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk, lamun peuyeum ketan biasana di bungkusna ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira 2 poe. Ni’mat di daharna dina wanci panas atawa tengah poe.
6.Comro

Comro nyaéta kadaharan khas ti Jawa Kulon (Jawa Barat). Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun di dahar waktu haneut kénéh.
7.Dodol

Dodol nyaéta jawadah nu liket jeung dalit pisan. Dodol Garut mangrupa salasahiji kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana dodol Garut ogé geus kasohor kamana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu sarupa ti daérah lianna.
8.Misro

Misro nyaéta kadaharan khas ti Jawa Kulon (Jawa Barat). Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng, alatan éta pisan dingaranan misro anu mangrupa singketan tina amis di jero. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun di dahar mangsa masih kénéh haneut.
9.Onde-Onde

Ondé-ondé nyaéta ngaran kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan anu dibuleud-buleud. Di jerona dieusian ku enten atawa kacang hejo, tuluy dipuih-puih di luhureun siki wijén, nepi ka éta siki wijén téh napel minuhan bagian luarna, sanggeus kitu digoréng.
10.Ranginang

Ranginang nyaéta mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonesia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna masing-masing. Ranginang bisa di dahar langsung, minangka susuguh keur semah boh di imah atawa di nukariaan, atawa bisa oge keur dengeun sangu. Keur di dahar langsung, cocog lamun di dahar jeung cikopi.
11.Surabi

Surabi nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun, aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké cipati (santen). Kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jsb, cara nyieunna mah sarua baé.
12.Bacang

Bacang nyaéta kadaharan sabangsa leupeut, dijieunna tina beas beunang ngagigihan, biasana make jeroan mangrupa daging ragot (daging jeung sayuran), dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang.
13.Bugis

Bugis nyaéta kadaharan sabangsa amis-amis tina ketan (tipung ketan dieusian enten), dibungkus ku daun cau sahuapeun-sahuapeun, ngolahanna diseupan.
14.Cireng

Ciréng nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, di bumbuan tuluy digoréng.
15.Katimus

Katimus nyaéta kadaharan khas ti daerah Jawa Kulon (Jawa Barat), nyaéta di sabudereun Tatar Sunda. Katimus dijieun tina parudan sampeu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau. Ngasakana nyaéta diseupan nepika keun geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku bajigur. Katimus biasa disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jsb.

0
842
0

Komentar yang asik ya

Komentar yang asik ya
Komunitas Pilihan