Kaskus

Story

herawati251Avatar border
TS
herawati251
Lalaki Raheut Hatena
Lalaki Raheut Hatena
Hai gan sis,

Cerita lelaki versi sunda.

LALAKI RAHEUT HATENA (11)

Hajah Dedeh nu jadi indung bet sarwa salah..
Ningali anak teu tega ka salaki kumaha,teu wani ngalawan...
Aya bungah aya sedih..najan pangkat haji,hajah Dedeh teu bina salakina,kopet jeung matre ceuk jaman kiwari mah..
Bungah bakal minantuan jalma benghar..
Ceuk pikirna "sahanteuna bakal milu icikibung dina sagara dunya"
Sedihna,indung mana nu tega ningali anak hiji hijina nandangan lara kapegat duriat ku tabe'at bapana..
Manehna kur bisa ngupahan bari ngabeberah..
"Bu...."
Haji Dahlan nyalukan pamajikana
Gasik hajah Dedeh ka dapur nyampeurkeun salakina nu geus anyeucleu na meja makan.
Sor sangu jeung pais lauk emas sagede bitis kolot di hidangkeun.
Daun paisan di buka,seungit surawung nyambuang di rohangan.
Lain ngahajakeun bibit di pais hihihi..
Regot cikopi nu ngebul keneh di regot..mang Suhadma tatanggana tadi berang nganterkeun lauk nu geus limpeu
" Jiga aya nu nakol lebah huluna,mangnewakeun bisi paeh manten"
Mang Suhadma ngajelaskeun bari ngasongkeu bibit beureum.
Haji Dahlan hanjelu pisan.eta bibit cageranan kimpoian Salis..
Haji Dahlan tonggoy ngahengoy bibit..teu ingeteun ka nu ngalana..
"Assalamualaikum"
Ti luar aya nu uluk salam
"Waalaikumsalam"
Hajah Dedeh ngajawab salam bari muka panto dapur..
"Aeh mang Sodikin..aya naon"
Tanya Hajah Dedeh bari nitah asup..
Sup mang Sodikin asup..gek sila na ubin handapaeun haji Dahlan nu keur ngalimed..hajah Dedeh leos deui nyampeurkeun Salis Kamila di kamar..
Sugan nawaran tah haji Dahlan ka pakacarna...lebeng teu tawar gatrak gatrak acan..
"Aya naon Sidikin"?
Bari ngosom haji Dahlan nanya.
"Enjing ngawitan tandur pak haji,bade miwarang sabaraha jalmi kanggo nu tandur?"
Haji Dahlan mikir...
"10 urang we sodikin ngarah anges 3 poe"
"Mangga...kumaha perkawis buruhna?naha bade di pasihan tuang atanapi di pur wae?"
"Di pur we sodikin,rugi dewek di bere dahar mh..sesa sangu sok di barawa ka imah..calolonos nu tandur mh"
Tugenah haji tiktikan...
"Dagoan sodikin,dewek nyokot heula duit jang buruhna 3 poe'eun ngarah jongjon ka dewekna"
Eta wungkul sipat haji Dahlan nu kapujina..muruhan nu di gawe memeh kesang garing,nurutan kangjeng Nabi cenah..
"Abdi antosan di luar pak haji sakantenan metik pucuk jambu"
Mang sodikin inget pamajikana nitah ngala pucuk jambu batu ubar nyeri beteng budakna.
Kabeneran tangkal jambu aya tukangen imah haji dahlan..
Panto molongo,leos haji Dahlan nyokot duit.ngitung rada lila ku ramo nu raranggoas hihihi..
Sanggeus di itung tuluy duit di beresan bari di pesakan
"Sodikin...sodikin"
Haji dahlan gegeroan
"Kulan"
Torojol mang Sodikin nyampeurkeun bari nemalan
"Yeuh duit jang nu tandur"
Mang Sodikin nampanan duit
"Nuhun pak haji,sareng nuhun ieu pucuk daun jambu"
Temal mang Sodikin
"Kade sateh jeung jambu na di ala,gagabah"
"Ampun paralun teu wantun teuing"
Mang Sidikin sasadu..kehel na hate mah..tugenah haji koret,tibang jambu di dahar ge matak hese ngawelu..kukulutukna mang Sodikin bari leos balik.
Kacipta deui pais bibit..mun nu nyiram tea mah matak ngelay budak bakat hayang di tawaran..
Kocapkeu haji dahlan nu rek nuluykeun hanca dahar.
Ret kana meja makan.gebeg ngagebeg..
Pais bibit ra'ib tina piring
Gewewek ka pamajikana
"Bu....pais leungiiiiiiiittt"
Bari tetenjrag kaliwat hanyakal haji dahlan kokotetengan neangan paisan..
"Aya naon pa meni sok riweuh"
Hajah Dedeh nyampeurkeun
"Ari ibu naon gawe di kamar si eneng?.tuh paisan lengit,mal salah ku jurig ucing...teangan da mal jauh..beurateu deuleu ucing mah ngagusurna ge..kasebelan siah ucing baik siah...awas siah mun kapanggih ku dewek di peprek can remuk mah"
Haji dahlan ngawakwak ka ucing bari leos kaluar nu muka pantona
"Paingan panto muka..si Sodikin ieu mah nu salahna"
Haji dahlan beuki angot ngacaprakna
" Ieu paaaaa"
Hajah dahlan ngagerewek bari ngulang ngulang suluh ka lebah ucing nu keur ngahanca pais lauk..hihihi
Nu ngetik seuri bari nyuruput kopi nu geus tiis
"Haling siah baik"
Haji dahlan mabuk ucing..tapi ucing pinter.mabret lumpat mawa beuteung pinuh pais bibit..
Pais tinggal sapotong ka buntutna ngagoler deukeut wadah runtah di luar
Kodomang dicokot tuluy di bawa kana meja makan
"Gila pa,piceun we"
Hajah dedeh ngajewang pais sesa ucing
"Cicing maneh mah,rek di arah sawareh"
Hihihi haji dahlan motongkeun pais ..sesa ucing di piceun...
Nu beleger niat rek di dahar..
Buraluk pais di balikeun,bareng rek di jewol nyelllll angen haji Dahlan murel..na pais aya kokotor hayam..
Orolo orolo haji dahlan utah uger..niat nuluykeun dahar di tunda..
"Bu nyieun kopi"
Haji Dahlan ngagerewek deui...niat dahat nikmat teh teu jadi pamiarsa..mana oge kudu daek tuwur tawar ka batur..
Muru lembur anu matuh,mapay raratan nya sarakan..
Fajar balik mawa ati nu kageurih alahbatan perih ku hinis..
Datang ka imah pasosore..nyampak pak Mamat Ruhimat jeung ibu Nawangsih keur dariuk hareupeun hawu..
Nyanghareupan bubuy sampeu nu muruhpuy nyanding cikopi kentel jeung ci teh panas..hawu ngabebela,seeng nyengsreng di eusi aseupan sangu..
"Assalamualaikum"
Fajar uluk salam bari muka panto
"Waalaikumsalam"
Bareng pak mamat jeung ibu nawang ngajawab salam.
"Damang pak,ambu?"
Tanya Fajar
"Alhamdulilah cageur anaking"
Tembal bu Nawang..solongkrong Fajar ngajak sasalaman bari nyium leungeun..
"Pak,ambu abi ka kamar heula"
Fajar ngaleos...pak mamat jeung bu Nawang olohok..
"Aya naon budak urang kitu?..tara tara ti sasari"
Pak mamat nanya bu Nawang.
Duka atuh pa,,ambu ge heran"
Tembal bu Nawang bari nyusul Fajar ka kamar
"Jang,kasep "
Panto di ketrok bu Nawang
" Lebet wae ambu"
Temal Fajar ti jero..
Bray panto di buka..Fajar keur nangkarak bengkang dina ranjang bari melong lalangit..
Gurat kasedih natrat katingal ku bu Nawang..
Hiji indung bisa ngarasakeun lara nu jadi anak..
"Kunaon kasep datang datang bet ngaringkeb di kamar,biasana ge galecok ngobrol jeung bapa jeung ambu"
Bu Nawang ngaguliksek Fajar..
"Teu kunanaon ambu,,cape hoyong istirahat"
Tembal Fajar nyumputkeun kaayaan hate nu sabenerna..
"Fajar cuti ambu 3 dinten"
Fajar ngajelaskeun..
"Sok istirahatkeun atuh"
Bu nawang kaluar bari nutup panto..
Pak mamat jeung bu nawang tingkecewis ngobrolkeun Fajar...
Isukna Fajar diuk di teras dapur.nyerangkeun nu keur nyawah..
Tiis ceuli herang mata..tatangkalan di ujung panon hejo ngemploh..manuk letik tinggaliber arotel jeung baturna..jiga nu ngahibur hate Fajar nu keur rungsing..
Anteung ngarasakeun adem ayem na sabudeureun..Fajar poho kaperih..alam desa nu ngajanjikeun kadamaian jiga gugupay ka Fajar sangkan teu ninggalkeun sarakan..

CAG...kopi 2 gelas ledis..
Jempol baalllllllllll

Baju kerah di obrasan
Di neci na jeung piyama
Najan terah padesaan
Harga diri mah utama



Haturnuhun tong hilap di share nya

Sumber : opini pribadi Hb
Diubah oleh herawati251 03-06-2021 01:36
Ariscbs028Avatar border
cbsvlogAvatar border
bukhoriganAvatar border
bukhorigan dan 2 lainnya memberi reputasi
3
464
1
GuestAvatar border
Komentar yang asik ya
Urutan
Terbaru
Terlama
GuestAvatar border
Komentar yang asik ya
Komunitas Pilihan