- Beranda
- Komunitas
- Entertainment
- The Lounge
Kareta ka Tasik (Train to Busan versi Sunda)

TS
AgungSatriawan
Kareta ka Tasik (Train to Busan versi Sunda)

Halo, Agan2 zombie holic.
Kali ini ane mau ngasih informasi tentang cerita zombie berlatar Indonesia, Gan.
Uniknya kali ini cerita zombie ini ditulis dalam bahasa Sunda.
Kalau Agan sudah nonton Train to Busan, mungkin Agan bakal nyangka bahwa ini tiruannya. Sebenarnya nggak, Gan, karena penulis ceritanya, Satria Satire, memang seorang penulis novel Zombie bertajuk Zombie Aedes (Elex Media Komputindo, 2014) .
Jadi Satria Satire bikin blog berisi cerita-cerita zombie. Nah, salah satunya yang berjudul Kareta ka Tasik ini:
Kalo Agan kurnag nyaman dngan tampilan cerita di sini bisa mampir ke blognya langsung, Gan: http://zombieaedes.blogspot.co.id/20...-ka-tasik.html
Spoiler for Kareta ka Tasik:
Desa Ciakar, Awipari, Tasikmalaya, Jawa Barat, 3 Poe Saenggeus Status Darurat Nagara
Sohi beres mandi pisan. Tilu babaturanana, Ujang, Asep, jeung Dadan, geus diuk ngadagoan bari nyomotan kiripik singkong di kamar Sohi. Beres dibaju, Sohi diuk sila dihareupeun kabehan, nyulut heua roko keretek ku korek gas, ngocek kopi hideung na gelas, karak nyarita.
“Jadi proyek di tempat aing gawe teh pan eureun. Da eweuh nu digawe tea. Gareuring! Loba nu asup rumah sakit! Aya nu neupi kapaehna sia, euy! Aya tuliuan mah. nu geuring mah geus leuwih ti dua puluh urang. Geus we, ceuk mandor aing teh, baralik heula. Cuti bersama ceunah. Engke mun geus jelas kumahana, masalah status darurat nagara, jeung nu lain, bakal dibel deui.”
Sohi nyuruput heula ci kopi nu ngebul keneh, trus mulai ngomong deui.
“Aing teh balik we kamari. Tah, kaanehan teh geus karasa, euy, kamari teh. Eta mah beus, pan aing teh kana beus heula memeh kana kareta teh, pinuh pisan. Di jero beus teh loba nu geuring. Sagala nu kolot, nu ngora, nu budak keneh ge. Garandeng, loba nu ngeluh. aya oge nu gogorowokan bakat ku teu kuat mereun. Ngan untungna, bari aneh tea, jalanan teu macet euy. Jakarta teu macet atuh, lain poe minggu, kumaha teu aneh?
“Neupi ka stasionteh aneh deui wae. Eta mah, anying, nu ngantri tiket, euy, meuni panjang. Eta mah aing rek meuli tiket nu isuk, da beak, aya ge nu peuting. Aing teh pan teu nyangka, dan lain usum libur, lain sabtu minggu. Geus kagok, bae lah peuting oge. Aing teh rek sare heula we na korsi nepi ka sore. Etah mah, anying, aing nempo kabeh kareta parinuh, euy! Neupi ka aya pangumuman kareta tambahan ceunah. Hanyakal aing meuli nu peuting mun nyaho aya kareta tambahan mah. Eta kareta tambahan ekonomi nu ka Surabaya, da kabeh pinuh. Aing teh nempo loba oge nu teu marenang tiket, baralik deui we.
“Aing hudang sore, pedah gandeng aya nu gelut, euy. Teuing saha jeung saha mimitina mah, ngan awewe oge garetihan. Aya polisi jeung tantara sagala. Marawa bedil deuih. Teuing dibawa ka mana eta nu garelut. Dan anehna teh, anying, polisi oge dilawan, euy! Jeung geuleuh na teh, ngegel nu gelut teh. Puguh ditarenggelan ku lobaan.Teuing jelema gelo teuing naon. Beak bareungeup, hih!
“Pas kareta aing datang, eta mah da aya deui wau nu gelut di luar. Aing nempo budak ngora nindihan aki-aki, euy, meuni watir, getihan meuni loba. Dipisah teh kalahkah ngowet si budak teh, indungna meuni ceurik gogorowokan. Aing teh naek we lah, da hanyang gerura sare deui. Tunduh.
“Anehna deui na teh, pan kuduna teu meunang aya nu nangtung ayeuna mah. Ngan kamari mah loba euy. Nu diurus ku petugas tea ning. Pedah wawuh meureun. Teuing pedah mayar leuwih. Di bere korsi pelastik, jeung samak we ku petugas, teh. Pas karak rek jalan teh nambah deui nu naek teh, lalumpat jelema bakat ku hayang milu. Tapi eweuh petugas nu ngahalangan atawa nitah turun. Saribuk keneh ngurus nu gelut mereun. Marilu weh.
“Dijero teh katempo jeung kadenge deui nu gareureing teh, euy. Lolobana nu ceuk berita tea, deman berdarah cenah. Ngadenge deui ceunah geus teu meunang kamar di rumah sakit, jadi we marudik we maranehna teh. Tah, pas kareta karak rek ninggalkeun stasionteh aing nempo deui wae nu gelut. Di jalan palang kareta mimiti, nempo deui wae polisi keur misah nugelut. Etamah, anying, aing karak da nempo jelema ditembak euy. Ngan teu paeh, siah! Saukur mundur salangkah, maju deui. Ditembak deui jigana ku polisi teh, teuing, dan aing teu bisa nempo deui.
Sohi nyuruput deui ci kopi sanggeus ngepukeun haseup roko ngabentuk buleud ka beungeut Ujang.
“Tah, di Bekasi, euy. Pan kareta teh eureun. Aing teh mikir moal aya nu naek jigana,pan geus pinuh tea ti Stasun Senen oge. Ngan aya euy, sapuluh urang mah. Nu dianteur ku petugas. Aya nu dianteur ku polisi oge. Puguh teu bisa protes aing teh. Ngan eweuh nu asup ka gerbong aing mah. Teh, pas kareta jalan, aya nu nyerang petugas, euy! Digegel ku awewe, anying! Getihan beuhueng na teh! Da eweuh nu wani newak! Eta awewe teh tuluy ngegelan, masing petugas geus labuh oge. Ditulungan ku polisi, disepak eta awewe huluna, teing dikumaha deui, dan kareta geus jalan deui.
“Tah, pas di daerah Cikarang, aya hiji jelema di gerbong aing. Aying, gogorowokan meuning gandeng, lalaki, euy. Dielus-elus ku pamajikanana teh, meh cicing, tapi teu daek cicing wae. Karunya budakna, euy, leutik keneh deui, milu ceurik puguh. Diomongan ku nu diharepna teh, tong gandeng, cenah. Ngan, anying, kalahkah ngamuk eta si bapa! Kalah ngowet, si anying teh! Puguh jadi gelut. Dipisah oge da hese, si bapana teu bisa di tahan euy. Bari tuluy gogorowokan. Datang we petugas, diseret ku lobaan, dipaksa turun di stasionKarawang. Pamajikan jeung budakna ditanya heula, rek milu kareta atawa milu salakina. Heuh da kumaha meureun teu bisa ninggalkeun salakai nu keur gering. Eta mah, anying, aing hanyakal nempo! Pamajikanana digegel ku salakina! Anying! Tah, tempo lengen aing ngagidik!”
Sohi nembongkeun heula leungeunna nu bulu alusna narangtung.
“Eta mah geus teu kuat aing nempo lila, digegel terus di daharkulit jeung daging lengen pamijikanana teh. Nempo budakna sorangan ceurik teh lain ereun si bapana teh, kalah kah sarua ngegel ka budakna. Atuh tarurun penumpang teh, nenggelan heula si bapa. Aing ge turun euy, neang petugas. Tapi da eweuh, iwal hiji satpam. Ditanya kua aing teh, cenah areuweuh karyawan, sarua loba nu gering. Tadi ge aya nu kitu cenah! Aya nu ngegel. Si budak jeung indungna mah dibawa we ku si satpam, si bapana beak di teunggelan, ditincakan, aing mah teu tega. Naek deui we aing teh. Aya nu neupi ka teu naek deui kareta teh, euy, bakat ku kehel na ka si bapa gelo tadi. Aya tiluan mah, naek heula maraneh nat teh nyokot babawaan, ngan turun deui. Jalan we kareta teh.
“Sanggeus eta, urang karak inget euy, ti tatadi eweuh petugas nu nawaran dahareun. Pan biasana mah sok aya nu nawaran bantal, cai, jeung dahareun, ningan. Aing teh pan lapar, can dahar ti beurang. Aing teh neang we ka gerbong restorasi. Pas ngaliwatan korsi nu si bapa gelo tadi, nempo lalaki nu dikowet ku si bapa, geus pias euy beunget na teh. Padahalna teu pira dikowet lengen jeung pipina hungkul. Ngesang meunig loba.
Nular ceuk aing teh ieu panyakit. Aing teh lanjut we, baru sugan rek nanya kotak P3K ka petugas. Manggih saurang di restorasi teh. Aya kotak P3K mah, ngan dahareun mah eweuh. Catering na geh tutup cenah, eweuh nu digawe. Aing teh meuli hungkul cai we, bari mawa kotak P3K. Si petugas teh teu bisa mantuan, da cenah aya nu kasurupan ceunah di gerbong nu lain. Teuing naon, jadi aya nu kasurupan sagala. Paling ge nu sarua gering.
“Aing teh rek balik deui ka korsi aing, ngan pas rek asup, jelema kalahkah lalumpatan asup ka gerbong nu diliwatan ku aing. Atuh aing teh nempo heula aya naon di ujung gerbong teh. Eta mah, anying, si lalaki nu dikowet tadi keur ngadahar beungeut batur! Aing teh langsung utah didinya keneh. Untungna pan deukeut ka WC, olab aing bakat ku geuleuh. Jelema teh lulumpatan ka gerbong tukang jeung gerbong hareup. Tah, aya hiji lalaki nu nyokot bedog tina tasna. Ngadekeutan si gelo, langsung we dikadekan hulu na teh. Sugan teh rek paeh, euy. Ai pek teh, anying, nangtung deui, ngudag neupi ka beunangna. Malik eta mah ka nu mawa bedok, beak sukuna digegel. Aing teh rek nulungan asa kumaha, da teu kuat nempona oge.”
Sohi ereun heula. Katempo sedih inget kajadian nu dicaritakeun.
“Aing teh cicing we di deukuet WC sambungan gerbong. Datang petugas teh, pedah aya nu ngabejaan sina ngonci panto gerbong. Nempo heula ka gebong aing si petugas teh, ngagidik manehna, langsung katempo hayang utah. Langsung dikonci we gerbong teh,ngan samemehna muka heula sakeudeung meh bisa ngagoeowok ka gerbong tukang, nu diditu sina ngocian panto gerbong. Ngan teuing aya nu ngadenge atauwa henteu. Asup we aing teh ka gerbong hareup. Si petugas ngoncian oge eta gerbong. Indit manehna teh ka harep, rek ngabejaan masinis cenah mah. Aya deui nu mawa bedog jeung peso, daraek manehna ngajagaan panto. Pahili korsi jeung nu didinya. Nempo aing na dekeuteun panto, dibere we aing bedog hiji. Rek nolak ge da asa lebar, bisi aya nanaon oge. Dicekel we ku aing teh. Bari nempo ka jero gerbong nu geus kosong, iwal si ka kowet jeung dua korbanna. Eta mah aing rewas deui wae, nu dua eta hudang, euy, anying! Nu lalaki ngegel teh ereun we. Sugan teh rek silih gegel, euy, pek teh akur we tiluan teh.
Aing langsung we ngebejaan nu lain. Ku aing dititah diuk kabeh bari tungkul, ulah aya nu ngomong! Aing ge langsung nagok na handapeun kaca panto.Teu lila teh kadenge gorowokan ti gerbang belah tukang. Teuing kumaha tah. Aing rek noong teu wani, da, anying, bisi nempo deui nu kawas tadi. Aya nu mawa sarung, mere ka aing, cenah tutupan kacana. Ku aing gancang we ditutupan. Rada aman we di gerbong aing nu ayeuna mah. ”
Sohi nempo heula beungeut tilu jelama dihareupeunana. Ngaharuleng bari calangap.
“Terus kumaha?” Si Asep tea kuat hayang ngadenge lanjutanana. Sohi nginum heula ci kopi dua kalieun, kaburu tiis.
“Aing teh nitah kabeh di gerbong cicing. Daraek da jarempling kabeh. Aya ibu-ibu jeung budak nu ceurik oge, ditutupan sungutna meh teu kadenge. Ngan aya hiji awewe, teuing jeung kabogohna meureun, ceurik rada gandeng, teu kuat cenah keur geuring. Ku aing ditempo teh, anying, iyeu mah jigana sarua geuring jeung nu tadi. Ku aing teh dititah turun we di stasionpang deukeutna. Daekeun manehna teh, teuing pedah aing mamawa bedog meureun, jadi sieun si kabogohna teh. Tapi nempo eta awewe geus kejang-kejang, panumpang teh sarieun, lalumpatan ka gerbong hareup, marukaan panto. Teu nyaho mah di gerbong hareup geus aya nu getihan. Ku aing ditempo teh jiga aya nu ngamuk. Sabagean baralik deui, teu jadi asup ka gerbong hareup.
Nepi we ka stasionPurwakarta. Eta mah, anying, kareta can eureun, geus ngarajleng jelema, bakat ku hayang geura turun. Aing teh muka panto bisi aya nu rek pindah ka gerbong aing, ngan eweuh, malah mah nu di gerbong aing ge loba nu turun, kaasup awewe geuring jeung kabogohna. Pan biasana mah rada lila ereun kareta teh, iyeu mah teu lila maju deui, euy. Aing teh nempo heula kaluar tina jendela, naha eta mah loba jelema lalumpatan di stasiun!
Aya nu diudag di rel, neupi ka labuh, anying, digulung ku limaan, ngaregel, anying, gelo! Padahal mah nu ngudagna teu lumpat, ngan pedah labuh we, beak eta jelema! Der, teh aya nu ngakol jendela euy! Anying, aing reuwas! Langsung we aing teh ngadeuketuan deui panto, dikonci ku aing! Pas, eta keneh, aing nempo di gerbong hareup, geus aya nu rek ngagegel jelema di jero! Kareta teh geus maju tarik euy, ngan anger aya nu ngarajleng tina gerbong eta. Aing teh langsung we menta deui sarung ka penumpang. Aya ibu-ibu mere gamis, digantungkeun we ku aing, keur nutupan jandela panto.
Caricing, ceuk aing teh ka kabeh panumpang! Aing jeung nu mere bedog ngobrol heula, tuluy mariksaan hiji-hiji panumpang, aya kana tilu puluh jelema mah, saha nu keur geuring panas, demam berdarah, sina ngaku. Aya hiji nu jempling teu ngajaewab, ngesang baseuh, bari beureum bengeutna teh. Didagoan we ku si mere bedog. Teu lila, anying, eta jelema rek ngowet bari calangap! Panonna jadi bodas kabeh, euy! Sarua jeung nu gering samemeh-samemehna. Langsung didinya keneh dikadek huluna. Aing sibuk nitah batur ulah ngagorowok, komo nu awewe da histeris tea.
Hese paehna si nu gering teh, masing getih geus loba kaluar oge. Ditusuk we dadana ku nu mawa bedo hiji deui, bari ceurik eta oge. Paeh we, nu gering teh.
“Aing teh ngendeketan panto euy, hayang nyaho kandenge naon di gerbong hareup jeung tukang. Teu kadenge nanaon. Teuing geus paraeuh nu geruingna, teuing geus paraeh nu cageurna. Atau teu paeuh kabeh, ngan jadi sarua geringna. Kapanan nu sarua gering mah moal digegel tadi oge. Ngan pas kareta ngaliwatan torowongan, kadenge pisan aya nu ngagorowok teh. Tiap-tap eta, teh. Pan aya lima kaieun asup tarowongan teh. Teuing kunaon. Nu gering jigana mah, da piraku nu cager mah nanaonan.
Aing teh, ngadegdeg tiap kareta rek ereun teh, uey. Pas rek nepi ka Kiara Condong, eta mah, can asup ka stasionoge aing nempo jelema ngadekeutan kareta, lempang bari leungeun ka hareup. Aya oge anu leumpangna tarik! Nu awewe eta teh! Garancang nu awewe mah leumpangna! Teuing pedah eta meureun nya, masinis teh ngaereunan kareta rada jauh. Paingan, dan pas nempo stasionteh meuni kacau. Loba nu keur digegelan ku nu gering. Aing nempo tentara tarurun tina treuk di jalan harepeun stasion, marawa bedil, nembakan jelema di stasion, euy. Teuing bener teuing henteu eta ngarahna ka nu gering hungkul, da loba nu cager lalumpatan. Brak, brak, brak, teh! Aya nu nakolan kareta euy! Loba! Nu gering di stasion rek asup meureun, ngan teu bisa ngudag jeung asup maranehna teh. Nu di handap ge teu bisa naek, tapi hayoh we nakolan kareta, padahal kareta geus ereun, pan kudu ngadagoan heula kareta ekskutif nu rek Jakarta.Pas geus ngaliwat, langsung we maju deui kareta teh. Da mun teu salah nempo mah na jero kareta ekskutif nu perwis, jiga nu sarua keur riweuhna. Loba nu narangtung jeung lumpat!”
Roko Sohi beak sabatang, langsung nyambung deui. Kopina geus tiis, tapi angger diinum.
“Pan kareta teh kuduna ereun di Rancaekek jeung Cicalengka, iyeu mah henteu. Ngan ngalambat we. Da di stasionna oge eweuh jelema nu hirup, ngan katempo pabalatak, aya nu ngagoler getihan, teuing paeh teuing henteu. Di Cicalengka mah aing nempo hiji imah di luhur kentengna aya tilu jelema, ngaguapaian bari ngagorowok, jigana menta tulung ka nu di kareta, pas ngaliwatan imahna, di hareupna geus loba jelema nu nugguan jiga hayang asup, ngan kahalangan gerbang. Di desa-desa nu kaliwatan teh aing nempo jelma lalumpatan. Aya nu ngebut kana motor, pas kadituna deui, pek teh ditukangeunana aya nu ngudag. Sarua kita leumpangna teh, baru leungeu ka hareup, calangap, ngan teu lumpat. Didinya we aing teh geus siap-siap, teuing aya naon engke di Tasik. Teuing rek kumaha aing turun, tapi aing geus rencana rek ngajleng we samemeh stasiun.
“Aing teh ngabejaan heula ka nu mere bedog, aing rek turun saeungges stasion Indihiyang. Aing inget di dinya pan loba balong di gigireun rel. Aing teh nitah manehna nutup deui panto saeungges aing kaluar. Ku aing teh ditanya heula, bisi aya nu rek milu ngajleng, ngan eweuh nu daek, malahan mah loba nu ngalarang. Ceuk aing teh, aing mah embung turun di stasion kota, bisi geus kacau. Pas di daerah Indihiyang, pas kareta ngalambat pedah rel nu mengkol, aing langsung muka panto gerbong, lumpat ka sambungan, jleng we kana balong. Puguh ai baseuh mah, aing teu paduli, anying, nu penting aing salamet! Aing teh lempang we neang jelema. Ngan kalahkah paontrog jeung nu gering di harepeun SD. Aing lumpat, bari neang jelema. Aya katempo jelema di jero imah, rek asup, ngan kalahkan digebah. Aing nyamperkeun deui imah nu lain, sarua, anying, kalahkah rek dikadek ku nu bogana. Nyangkana aing nu geruing meureun. Geus we aing teh nempo motor aya koncian di sisi jalan, ku aing dibawa, da bisi kaudag ku nu geuring di tukangeun.
Sohi ngalepus heula haseup roko tina sungut. Huluna ngagodek.
“Beak, anying! Kabeh pabalatak! Dimana-mana loba nu gering. Loba nu diudag. Teuing aman teuing henteu eta nu asup ka imah, ngurung diri. Da nu gering nyalamperkeun, nungguan na hareupeun panto.
Aing tuluy we kebut da kosong jalan teh. Aya mobil motor oge eweuh nu bogana. Ditinggal we di sisi jalan. Aing nempo mobil polisi, lain nempo polisi hirup, anying, kalahkah polisi gering, lempang ngokosrod teuing rek kamana, rek neang saha.
Aing teh ngaliwatan Yonif, sugan teh rek nempo loba tentara, euy, pek teh, kalahkah nu gering, tapi dibaju kawas dokter, bodas-bodas, jeung deui kalahkah loba ambulan. Nepi ka hareupeun Jalan Ciakar teh loba jelema nu rek naek mobil, ceuk aing teh balik ka imah! Jalanan teu aman! Ngan terpercayaeun! Padahal geus nempo aya nu gering nu keur ngadahar jelema dideketna. Aing teh asup we ka jalan desa, da rek kumaha deui, dan teu bisa maksa.”
Sohi nginum deui kopi nepi ka beak.
“Tah ayeuna mah, kumaha maraneuh we. Mun ceuk aing, geus ulah kamamana heula. Ayeuna mah wang nyokot bedog, peso, calurit, naon we nu bisa dipake keur senjata.”
Asep gagaro hulu masing teu ateul. “Ngan indung aing hayang nyusul bapa aing ka rumah sakit,euy!”
“Ceuk aing mah, ulah!” Sohi nyaram. “Geus ulah ka kota ayeuna mah! Di dieu oge can puguh aman!”
“Kudu kamana atuh?” Dadan nanya bari beungeutna nempokeun kasieun.
“Geus ayeuna urang ka saung di sisi walungan. Bawa senjata, bawa kompor, bawa dahareun nu gampang bisa bawa!”
Sohi langsung nyontohan, indit ka dapur imahna, nyokotan peralatan nu rek dibawa kaluar. Ujang, Asep, jeung Dadan nuturan di tukangeun.

Tamat.
Spoiler for Sumber:
http://zombieaedes.blogspot.co.id/2016/10/kareta-ka-tasik.html
Diubah oleh AgungSatriawan 26-10-2016 19:28
0
3.6K
Kutip
17
Balasan

Komentar yang asik ya
Urutan
Terbaru
Terlama

Komentar yang asik ya
Komunitas Pilihan