loba pisan bodor sunda teh
mangga ka agan2 anu nuju lingling urang seuri satarikna
Spoiler for asal usul:
Asal Usul
Ibu Hamil
Ibu Hamil
“Ema, ari Ocad asalna ti mana ?” ceuk Ocad nanya, bari melong beungeut Ceu Ikoh.
Ceu Ikoh teu waka ngajawab, kalah silih pelong jeung Kang Suryana.
“Kieu, Cad. Asalna mah Bapa teh kimpoi ka Ema. Terus Ema teh kakandungan. Ari nu nyababkeun kakandungan teh tepungna bapa sareng ema. Ocad teh dikandung dina jero beuteung Ema lilana salapan bulan, nya lahir Ocad,” ceuk Kang Suryana mangnembalankeun.
“Ih, geuning saur Ceu Tini mah asalna ti Tasik ?” tembal Ocad semu bingung.
Spoiler for Baca BBM :
Emen : bro bro, bbm baca bro, buru penting!
Uhun : geus bro, geus dibaca
Emen : bales atuh jurig !!
Uhun : apanan nitahna ge dibaca wungkul bro
Emen teu eling))’
Spoiler for Calana Kolor :
Oded: neng kadieu heula sakeudeung
Neng: aya naon kang? (Nyampeurkeun)
Oded: ieu pang garokeun taeun akang (bari muka kolor)
Neng: (olohok) alaahhh siah..loba sireuman kieu kang, na kunaon ath taeun th bet di geubrong ku sireum (bari di garo)
Oded: heu’euh nyaeta ti saprak make kolor itu tuh (nunjuk kanu kolor)
Neng: alaahh..paingan ath, da kolor eta mah tadi di pake ngelap cai gula tadi bahe..
Oded: haduhh…kabiasa’an maneh mah ngelap sok kunaon wae, nyaho eta th kolor hiji-hijina (luwa lewe rek leweh)
Spoiler for Sapatu Kulit Asli :
Kabayan :”Ari silaing bisa atawa hente ngabedakeun antara sapatu kulit asli jeung anu imitasi ?“
Ibro :”Teu, teu nyaho. Cing, cing tah kumaha ngabedakeunana ?”
Kabayan :”Babari pisan, si sapatu teh sina dicoco reungit. Lamun eta sapatu barentol, eta berarti sapatu kulit asli”.