Pengaturan

Gambar

Lainnya

Tentang KASKUS

Pusat Bantuan

Hubungi Kami

KASKUS Plus

© 2024 KASKUS, PT Darta Media Indonesia. All rights reserved

mizzuraAvatar border
TS
mizzura
NINI UTI CENTIL, karya Muhammad Azmi Nizar DW , Muhammad Azzuri Saw n Bapana Nu Kasep
Si Udin boga nini ngarana Nini Uti. Sanajan geus umur 70 taun tapi Nini Uti narsis keneh jeung sok jaim.

Hiji waktu Si Udin hayang ulin ka Dupin di Alun-Alun Ujungberung. Dupin teh siga Dufan nu aya di ibukota Jakarta, ngan bedana mun Dufan mah Dunia Fantasi mun Dupin mah Dunia Pundah Pindah da mun geus beres di hiji tempat der pindah ka tempat nu lain.

Kulantaran Si Udin teh incu nu dipikanyaah, bari kapaksa Nini Uti nganteur Si Udin ka Alun-Alun Ujungberung nyaeta rek ulin di Dupin tea. Saacan indit Nini Uti narsis heula masang seutatus di pesbuk na, “The me see Udin grandson koe love you pull”. Halah dasar nini-nini narsis, meureun maksad na mah “Demi Si Udin Cucu Kesayanganku”, hadeuh…

Saacan asup ka Dupin, Nini Uti omat-omatan heula ka Si Udin.
“Udin, kade maneh ulah ngerakeun ka nini, di dieu loba pemuda karasep, awas ilaing tong ngeraeun nini nu geus dangdan geulis nya..”, Nini Uti mamatahan ka Si Udin. “Nya Ni Uti, kalem weh Udin apal lah sipat Ni Uti”, tembal Si Udin.

Di Dupin rea pangulinan sanajan teu sacanggih di Dufan. Sanggeus 2 jam ulin, Si Udin nyarita ka Nini Uti, “Ni, Udin hayang kiih”.
Ngadenge Si Udin ngomong tarik hayang kiih, Nini Uti nembalan bari popolotot “Si Udin dibejaan tong ngerakeun Nini! Era atuh ku batur, kudu jaga image! Mun hayang kiih ulah ngomong hayang kiih, ganti ku kode, ngomongna hayang nyanyi kituh nya..”
Hadeuh dasar nini-nini jaim, embung weh batur ngadenge kiih, mani kudu diganti hayang nyanyi sagala. Untung Si Udin ngarti sipat nini na jadi teu loba omong Si Udin ngilu kahayang nini na yen tiap hayang kiih ngomongna hayang nyanyi.

Singkat carita Si Udin wareg ulin di Dupin da kabeh pangulinan geus dicobaan, jeung salila eta geus 5x Si Udin kiih, eh nyanyi..
Balik ti Dupin nepi imah teh geus jam 9 peuting, kulantaran carape Si Udin jeung Nini Uti langsung weh sarare ka kasur.

Jam 10 peuting Si Udin hayang kiih, kulantaran sieun der Si Udin ngahudangkeun Nini Uti maksad rek menta anteur. “Ni, Udin hayang nyanyi”, ceuk Si Udin inget keneh kana omongan Nini Uti kudu jaga image tea.
Nini Uti tunduh tur cape tea, bari satengah peureum nembalan, “Ari silaing teu ningali waktu, piraku peuting-peuting hayang nyanyi, gandeng atuh teu ngeunah ku tatangga”.
“Da teu kuat atuh Ni, Udin teh hayang nyanyi”, ceuk SI Udin bari nahan kiih.
Bari sewot Nini Uti nembalan deui, “Euh, mun lain incu nu dipikanyaah moal diturutan da kahayang ilaing Udin ahh.. Nya sok atuh nyanyi weh di ceuli Nini, tong tarik teuing nyaa..”

Si Udin deuih polos jeung boloho, der langsung nyanyi alias kiih di ceuli Nini Uti hihihi…
0
2.2K
15
GuestAvatar border
Tulis komentar menarik atau mention replykgpt untuk ngobrol seru
Urutan
Terbaru
Terlama
GuestAvatar border
Tulis komentar menarik atau mention replykgpt untuk ngobrol seru
Komunitas Pilihan