punten, kang. sim kuring titip ieu kalimah-kalimah tilas setateus pésbuk.
Spoiler for 1:
Ceuk batur mah panon poé meni moncorong,
Keur akang mah poé teh asa meredong,
Euweuh enéng di sagédéngeun akang.
Spoiler for 2:
Néng,
upami ku akang kedah dikedalkeun mah,
enéng sareng akang téh
teu jiga gula jeung peueutna,
teu jiga sagara jeung ombakna,
teu jiga seuneu jeung panasna.
Nanging,
jiga susu jeung putingna.
Spoiler for 3:
Néng, akang ka enéng téh aya rasa anu bénten ti biasa,
aya asih nu nyalingker dina dada,
sumarambah kana bayah,
nu moal tiasa dipapalérkeun deui,
ngan ukur ka enéng nyalira.
Néng, kersa henteu upami janten buah haté akang?
Spoiler for 4:
Asa bayeungyang ieu rasa,
Asa hariwang ieu haté,
Asa bangreung ieu pipikiran,
Enéng téh aya di mana?
Spoiler for 5:
ngaguligah téh sanés inggis enéng teu kapimilik ku akang,
nanging inggis enéng kapimilik batur.
Spoiler for 6:
Néng,
ruang kerja akang di kantor téh nya heureut nya panas da teu di aséan,
komo usum halodo tarik jiga ayeuna,
kesang ngucur teu eureun-eureun.
Untung kénéh aya komputer nu nyambung ka internét,
jadi akang tiasa muka pésbuk,
tiasa muka album poto enéng.