Berikut tulisan mengenai Ramalan Jodiak minggu ini dalam Bahasa Sunda.
mudah-mudahan berkenan buat agan/aganwati sekalian.
Spoiler for Ramalan Zodiaknya gan:
1.Pirgo
Pagawean nu cocok: dagang jengkol
Keuangan: hambur pisan
Asmara: teangan nu rada cageur.
2.Akuwarius
Pagawean nu cocok: Dagang taraje jeung bilik
Keuangan: eureunan unjam injem wae
Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.
3.Piskes
Pagawean nu cocok: Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon
Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod
Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.
4.Ariyes
Pagawean nu cocok: ngamandian domba
Keuangan: loba ngahutang, gaji kapotongan wae
Asmara: benerkeun heula beungeut.
5.Tawurus
Pagawean nu cocok: Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang
Keuangan: katipu baturan deukeut. Kudu diruwat
Asmara: Teu payu payu, ganti peletna.
7.Kanser
Pagawean nu cocok: Macul, ngored
Keuangan: sakarat, tereh bangkrut
Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis.
8.Leyo
Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu
Keuangan: Ripuh pisan, teu saperak2 acan
Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.
9.Libra
Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa Tukang beling
Keuangan: Teu becus euweuh gadag neang duit
Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum+peuteuy.
10.Sekorpioh
Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur
Keuangan: sarua jiga kamari boke
Asmara: boga kabogoh panyakitan.
11.Sagitariyus
Pagawean nu cocok: Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar
Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur
Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan,loba tatanya dukun jig!